Kamis, 24 Maret 2011

Baru siaran ----Pelajaran Bahasa-Sunda----25032011

Naskah Siaran Radio
Kelompok Bahasa Sunda X-IPS 4: @ AJI JAELANI
@ DEVI RIZKIANA
@ DWISRI KURNIADI PUTRI
@HANA MARDIYAH

Aji: Assalamualaikkum warohmtullohi wabarokatuh, pamirsa!
Devi: Tepang deui sareng Kang Aji jeung Kang Devi nu karasep tea dina acara Curhat Kawula Muda. Anu disiarkeun dina Radio Rastafara Dalapan gelombang 108,2 FM di Ciamis, sarta nu biasa midang unggal malam Minggu ti tabuh 20.00 wengi dugi ka tabuh 22.00.
Aji: Sapertos biasa dina malam Minggu ieu sadaya pamirsa tiasa curhat sareng nyuhunkeun tembang-tembang Pop Sunda. Kanggo pamirsa anu bade curhat sareng nyuhunkeun tembang-tembang Pop Sunda tiasa nga-sms ka nomor 081323471103 atanapi nelpon ka 0265 771069.
Aji: “Mangga ayeuna di buka bae acarana.”
Devi: “Oh enya aya nu hilap dikantunkeun ka pamirsa, Kang Aji!”
Aji: “Hilap naon atuh, Kang Devi?”
Devi: “ Kieu, Kang Aji. Lamun pamirsa bade nelpon atanapi sms kadieu kedah nganggo password.”
Aji: “Oh, enya pamirsa. Janten kieu carana, pami Kang Aji atanapi Kang Devi nyebatkeun Curhat Kawula Muda, pamirsa kedah ngawaler curhatna urang sadaya.”
Devi: “Nya sok diantosan bae ku Kang Aji jeung Kang Devi, sms na di 081323471103.”
Aji: “Bilih pamirsa bade request lagu teu kantos nganggo curhat oge tiasa wae ditampi didieu sinareng ngucapkeun salam-salam kanggo kaluarga di bumi.”
Devi: “Nya, tos aya sms ti nomor 085223... sekian sekian. Saurna, wengi kang Aji sareng kang Devi anu bageur. Ieu Kaka di Kertasari bade request lagu Bola Salju ti Kang Sule. Lagu eta teh dikintun kanggo Wendi sareng Tomi di sakola sing sumanget latihannana! Nuhun sateuacanna.”
Aji: “Ti 081328.... sekian-sekian. Wengi Kang Aji sareng Kang Devi, abi IK di Maleber bade ngarequest lagu Timburuan, dikintun kanggo kabogoh abi di bumina, pangwartoskeun kitu ‘aa enging sok ngalirik-lirik istri sanes da! Eneng teh orangna timburuan.’ Nuhunnya, Kang! Enging hilap laguna diputernya, Kang!”
Devi: “Aduh anu nuju timburuan. Nya sok engke diputerkeun!”
Aji: “Kanggo aa na IK ulah sok nyieun si IK timburuannya.”
Aji: “Dev, aya telpon asup yeuh!”
Devi: “Hallo, curhat kawula muda. Walerna?”
Hana: “Curhatna urang sadaya.”
Aji: “Sareng saha dimana?”
Hana: “Wengi Kang Aji sareng Kang Devi anu nuju siaran di studio. Ieu AH di Banagara.”
Devi: “AH di Banagara, bade curhat perkawis naon yeuh?”
Hana: “Kieu kang, abi pan nembe... alhamdulillah kitunya, jadian sareng kabogoh abi nu ayeuna. Eh, ngadadak sesemplakan hate abi ngajakan balikan deui. Abi kan bingung kang, tapi duka kunaon, abi malah ngaenyakeun ka sesemplakan hate abi eta teh. Nya akhirna abi teh janten gaduh dua kabogoh ayeuna teh. Tah kukituna, ayeuna abi janten sesah ngabagi-bagi waktos kanggo kabogoh kahiji jeung kabogoh kadua. Paur bentrok engkena Kang. Kukituna, abi hoyong ukeun saran ti Kang Aji sareng Kang Devi yen abi teh kedah kumaha kitu.”
Devi: “Kela-kela akang bade naros, ari AH leuwih bogoh kanu mana?”
Hana: “Dua-duana, Kang!”
Devi: “Wah, cilaka kadua belas eta mah, AH.”
Aji: “Pilih salah sahiji atuh, AH!”
Devi: “Kawas Kang Devi anu sok satia. Kabogoh ngan hiji, AH. Teu kedah seueur.”
Aji: “Huuu... Sorakan Kang Devi, pamirsa!”
Devi: “Ulah ketang pamirsa! Kang Aji mah sirik ka Kang Devi.”
Hana: “Janten, AH kedah kumaha, Kang?”
Aji: “Saur akang-akang didieu mah, AH teh kedah ngamantepkeun hate AH, ari AH teh leuwih bogoh kanu mana. Teu kenging sok sarakah kitu ah, mending kanggo ade akang hiji, ade akang teu acan gaduh kabogoh tuh....hehe”
Devi: “Tong dikupingkeun ketang AH,si kang Aji mah keur neangan calon ipar. “
Aji: “ Nyak atuh usaha saeutik mah wajar Dev.. karunya tuh pun ade teu acan gaduheun kabogoh.he”
Devi: “ Lah seug, kumaha didinya asal bahagia.”
Hana: “Euuh... si akang mah malah ngarumpi. Atos ah Kang, curhatna. Abi bade ngamantepkeun hate abi heula kanggo milih nu mana-manana. Nuhunnya, Kang! Tos masihan abi saran kanggo ngarengsekeun masalah ieu. Mugia kanggo Radio Rastafara Dalapan khususna acara Curhat Kawula Muda makin jaya di udara.”
Aji & Devi serentak barkata: “Amin,,,,,,”
Hana: “Eh, kang, hilap! Abdi bade request lagu. “
Aji: “ Oh, sok, mangga-mangga.... bade request lagu naon AH ? “
Hana: “ Biasalah kang, lagu karesep abdi, judulna Dua Cinta.”
Devi: “ Oh, sip-sip... laguna dikintun kanggo saha wae, AH ?”
Hana: “ Laguna dikintun kanggo Bunda Ade di Nasol, Bi Geti di Pamalayan, teras teu hilap kanggo kabogoh abdi nu aya di bumina masing-masing.”
Hana: “Teu kenging hilap nya, Kang! Laguna diputer!”
Aji: “Enya, sip.”
Tut...Tut... Tut...
Aji: “Okeh, pamirsa sadaya, cuang dangukeun lagu Dua Cinta sareng Bola Salju....”
Devi: “Eh, keheula, Ji. Lagu Bola salju mah asa teu aya lirik Sunda-Sundaan acan. Kan urang duaan didieu rek mawa acara jang ngamumule basa Sunda lin?”
Aji: “Enya, tapi kan masih aya hubunganna ieuh atuh!”
Devi: “Hubungan naon?”
Aji: “Apan ari Kang Sule teh ti tatar Sunda keneh janten masih aya hubungannana. Jaba karunya kanggo Kaka anu tos ngarequest ka dieu.”
Devi: “Oooh, nyaentos atuh ari kitumah, mangga ayeuna lagu ti Kang Sule na diputer.”
Lagu Bola Salju diputer.
Lagu Timburuan diputer.
Lagu Uing diputer.
Devi: “Hallow-hallow pamirsa sadaya! Uih deui dina acara Curhat Kawula Muda?”
Aji: “Curhatna urang sadaya.”
Devi: “Ji, aya telepon asup deui yeuh, siap-siap!”
Dwi: “Hallo?”
Aji: “Hallo, Curhat Kawula Muda?”
Dwi: “Curhatna urang sadaya.”
Aji: “Sareng saha dimana?”
Dwi: “Sareng BD di bumi. Kang, BD bade curhat...”
Devi: “Nya sok, BD. Bade curhat naon?”
Dwi: “BD nuju resep ka hiji pameget namina AB. Awalna mah BD biasa wae ka AB teh, tapi lami-lami perasaan BD janten beda. BD jadi resep ka AB. Hoyong pisan BD teh ngungkapkeun eusi hate BD ka AB tapi da BD teh isin. Maenya BD anu ngamimitian? Terus, BD sieun pisan teu ditarima ku AB. BD kudu kumaha, Kang? Apa BD kedah nyimpen perasaan BD terus na jero hate nyampe rarasaan ieu leungit jeung sorangannana? Bantuan BD, kang!”
Aji: “BD, cinta na jero hatenya? Ehmm, Ayeuna seueur kaum istri anu siga BD, resep kahiji lalaki tapi sieun ngomong resepna. Sabenernamah asalkeun BD gaduh cara kanggo ngomongna, sadaya persoalan ieu teh janten gampil.”
Dwi: “Tapi, Kang. Apan BD-na isin kanggo nyarios ka AB-na...”
Aji: “BD, lamun BD niat ngungkapkeun rasa resep BD ke AB, piceun sing tebih rarasaan sieun ditolak sagala ku si AB. Da engkena jadi matak boga rarasan pesimis ka BD-na. Anu jelas mah, BD kedah ngomong yen rarasaan BD ka AB teh kumaha.”
Devi: “ Yeuh, BD. Rarasaan resep lamun lami pisan disimpenna bisa nyeri hate. BD hoyong terang ‘kan rasa resep BD ka AB teh dibales henteuna ku AB?”
Dwi: “Uhun, hoyong.”
Aji: “Matakna eta teh kudu dicarioskeun yen rarasaan BD ka AB teh kumaha, ambih engke BD teu panasaran sareng balesan hate ti AB kanggo BD. Tarima teu ditarima mah urusan engke. Ulah era! Mikirna kieu wae, lamun BD ditarima... Akang duaan didieu milu senang. Tapi lamun misalna BD teu ditarima, BD ulah leutik hate. Mereun AB teh lain orang anu paling pas kanggo ngadampingi BD.”
Dwi: “Bener eung, Kang! BD teh orangna teu wanian, tapi lamun kanggo ieu mah kudu diwani-wanikeun nya? Da lamun teu wani, BD moal apal apa rasa resep BD teh dibales henteuna ku AB. BD bade usaha kanggo wanian ah, Kang!”
Aji: “Enya kedah kitu, BD! Sing sumangetnya!”
Dwi: “Enya, Kang Aji sareng Kang Devi. Nuhun kanggo saranna. BD bade request lagu Mawar Bodas, dikintunkeun kanggo keluarga BD dibumi sareng kanggo AB.”
Tut... Tut... Tut...
Aji: “Aduh, Dev! Ari nu nuju Cidaha saur band Ungu oge nyerinya? Tapi maenya sih nyampe kakituna?”
Devi: “Enya bener nyerina. Rasaan heula geura, Ji!”
Aji: “Ah, embung ari nyeri mah.”
Devi: “Pamirsa satia Radio Rastafara Dalapan sadaya, tina acara ieu urang teh tiasa nyandak hikmahna yen urang teh ulah sok ngadua lamun geus boga kabogoh, terus ulah sieun ngungkapkeun rasa resep ka orang anu diresep. Wani wae, bade ditarima syukur teu ditarima syukur. Rasa teh kurnia ti Allah jadi enging diulin-ulinkeun sareng disimpen-simpen na hate. Fitrah cinta teh pasti dialaman ku sadaya makhluk Allah!”
Aji: “Pamirsa sadaya, teu karaos waktos parantos muruluk langkung. Kukituna, tambi lumayan, Kang Aji sareng Kang Devi bade pamitan. Sateuacanna, Akang didieu bade muterkeun lagu Mawar Bodas kanggo pamirsa sadaya di bumi. Wilujeung tepang deui dina waktos sejen. Wilujeung kantun para pamirsa! Akhiru kalam, wassalamualaikkum warohmatullahi wabarokatuh.”

@ Rengse @

3 komentar:

  1. thanks mang, rada di tambut nya sakedik, kangge tugas, hihihi :D

    BalasHapus
  2. nuhun kang, bermanfaat pisan kangge ngarengsekeun tugas b.sunda abi hehe :D

    BalasHapus
  3. Mangrupikeun kaistiméwaan pikeun ngabagi kasaksian anu ajaib ieu ka dunya. Abdi Bet Walters ti Inggris. Salaki kuring cerai kuring 4 bulan deui sareng kuring parantos dieusian ku kasieun sabab kuring henteu terang naon anu kedah dilakukeun pikeun ngarobih masalah sareng salaki kuring. Kuring milarian bantosan dina internét ngeunaan kumaha kuring tiasa kéngingkeun bantosan dina perkawinan kuring sareng kuring mendakan panyaksian anu hébat ngeunaan Jinis CINTA KAYA anu parantos progresif sareng mantra na. Kuring ngagaduhan hubungan sareng anjeunna sareng tingali, Dr.Wealthy ngawartosan yén anjeunna bakal nyiapkeun mantra pikeun kuring anu bakal nyandak deui salaki kuring. Kuring skeptis tapi kuring henteu ngagaduhan pilihan sanés tapi damel sareng anjeunna. 2 dinten sanggeusna, salaki kuring nelepon ka kuring yén anjeunna bakal balik ka bumi sareng ti dinten éta dugi ka ayeuna ieu, kami parantos hirup tengtrem. Anjeunna balik deui ayeuna ku seueur asih sareng paduli. dinten ieu kuring resep masihan anjeun sadayana terang yén mantra mantra ieu ngagaduhan kakawasaan pikeun ngahijikeun deui pameget sareng hal anu paling matak nyaéta cinta urang kuat pisan ayeuna, unggal dinten kabagjaan sareng kabagjaan. sareng Teu aya anu mirip sareng lalaki anu anjeun resep. Kuring bakal nyarankeun Dr.Wealthy pisan ka saha waé di luar anu peryogi bantosan naon waé. Upami anjeun ngagaduhan masalah hubungi Dr.Wealthy, kuring masihan anjeun jaminan 100% yén anjeunna bakal ngabantosan anjeun !!.

    wealthylovespell@gmail.com

    Tulis anjeunna dina Whats-app +2348105150446

    Blog: https://wealthylovespell.blogspot.com

    BalasHapus